Senin, 20 Oktober 2014

Cerita lucu Siudin di tewak polisi

Si udin ditewak ku polisi gara2na disangka
pengedar narkoba, Tuluy
diasupkeun ka penjara.
Hiji waktu si udin narima surat ti bapana,
eusina kieu :
"din.., bapa th geus kolot, jaba ayeuna
tereh usum nyawah, maneh
kalahkah cicing di penjara, euweuh maneh
mh moal aya nu mantuan bapa macul di sawah!"
Saminggu tiharita, Si udin tuluy ngabales
surat ti bapana :
"Pa.., omat sawah ulah waka dipaculan,,,nya,,omattt !!
Soalna uing ngaruang narkoba,,ekstasi,,jg ganja
disawah eta pa!! " Ceuk si udin dina eusi
suratna
Singhoreng.., surat balesan ti si udin ku
petugas penjara disensor heula, atuh.. Jadi
paciweuh, tuluy ngabejaan tim BNN(badan narkotik nasional),
Isukna, datang sa peleton Polisi katut tim BNN ka imah bapana si udin, teu loba
omong deui tuluy langsung ka sawahna,
kabeh sawah dipaculan nepikeun ka sapoe
jeput, sore na sanggeus tim BNN jg pulisi baralik,
bapa si udin ngirim deui surat.
"din, tadi aya tim BNN jg pulisi cenah mh
neangan narkoba maneh nu diruang di sawah,
tapi teu kapanggih narkoba na ge, bapa ayeuna
kudu kumaha din? bapa mh Reuwas din!!"
Si udin ngablsn deui suratna,
"teu kudu rewas pa..,bapa kudu sakuduna bungah sabab pulisi jg tim BNN geus
mangmaculkeun kebon bapa.. Sok ayeuna mh
geura pelakan sawahna.., kade poho
nganuhunkeun ka tim BNN jg pulisi geus daek
macul sawah bapa"
Petugas penjara nyensor deui suratna si udin langsug
ngagoak bari ngacak2 tikotok.


Hahaha.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar