Carios ti: Rudi Haryadi Bulketh.
“wa.. wa.. kadieu heula wa..!!” Ohim ngageroan wa haji anu karek balik ti kebon bari ngocek2 sagelas kopi digolodog imah….
Wa Haji : aya naon Him…
Ohim : cobian heula ieu wa… kopi buatan Ohim (bari mikeun gelas)
Wa Haji : na asa kabeneran… keur tariris kieu aya kopi panas (bari langsung diregot).. paaaah…. Kopi naon Him, asa beda kieu rasana ? (bari rada cuman cemen)
Ohim : rencana mah rek dingaranan Kopi Kucing… da mirip jeung luwak !
Wa Haji : kopi kucing ?...(ngaregot deui)… paaaah…. Hhmm.. ck..ck.. asa kieu kopi teh aya pahang saeutik.. peuheur deuih, naon kopi kucing teh Him ? (panasaran nanya deui bari nyimpeun gelas anu eusina tinggal setengah)
Ohim : sarupa jeung kopi luwak wa, ari cara nyieunna mah… mimitina siki kopi digalokeun jeung sangu campur asin tuluy ku uing diweuweulkeun sina didahar ku si mpus, ucing anu si abah…
Wa Haji : (ngahuleung).. tuluy ?
Ohim : taaah… pas ucing modol, ku uing di sortiran deui siki kopina… tuluy ku uing dipoe… geus garing tuluy ditutu tepika lemesna…
Wa Haji : (kesang tiis mimiti kaluar, jeung ileug ileugan siga anu rek ongkek)… jaaadi ?
Ohim : muhun Wa… jadilah Kopi Kucing, ari tadina mah ku uing rek diasaanana… tapi asa teu wani… kaleresan Uwa ngalangkung… hmm jadi rada peuheur jeung pahang ? sigana mah kudu dicampuran jeruk nipis…. (bari ungut ungutan)
Wa Haji : uuuuu…wooooo…. (nyebrotkeun ongkek pas kana liang ceuli Ohim)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar